Contoh Autobiografi dalam Bahasa Sunda

Tepangkeun nami abdi Wiwi Nurlia, sauran wae abdi Wiwi atanapi Wina. Kuring babar di désa Ciomas, Kota Kuningan kaping 19 Juli 2003. Ti ibu anu wastana Iyam Maryani, anjeunna damel salaku TKW (buruh istri) di luar nagara, sedengkeun pun bapa wastana Rusman, anjeunna damel salaku patani geutah di lahan batur. Kiwari abdi hirup sareng ema atanapi nini bae sabab pun ibu sareng bapa sami-sami damel.

Nalika kuring leutik, kuring mangrupikeun budak anu bangor tur jadi budak anu langkung resep ulin tibatan diajar. Dugina mah abdi sering ngagaduhan peunteun anu goréng jeung can pernah meunang rengking. Ti dinya abdi gaduh kahoyong jadi jalmi anu pinter, juara pokonamah. Ngan hese da abdi mah budak purah ulin.

Dugi ka hiji carita nuju kelas lima SD, abdi disamejakeun sareng juara kelas. Saatos kajadian éta abdi rada aya kamajuan. Abdi mulai resep diajar jeung maca sababaraha buku carita anu aya gambaran. Nilai jeung rengking henteu deui meunang anu goréng. Waktos lulus SD oge, abdi meunang rengking kaopat, rada bae ngaraos ari jadi jalmi anu pinter teh kitu. Pola pikir abdi ubah, nyatana ari jadi juara teu sa hese anu ku urang pikir, lamun urang daek usaha mah .

Lebet SMP, abdi diajar di SMP Negeri 4 Ciawigebang. Di SMP, abdi sok disebut ku babaturan kutu buku lantaran abdi sok mamawa bae buku ka mana-mana, da maca buku teh mangrupa karesep abdi utamana buku carita. Pernah abdi di pasihan kado ku bu guru sabab abdi jadi juara lomba maca buku panglobana. Wiwi ogé ngahontal sababaraha kajuaraan sapertos juara kelas, juara umum, sareng juara 2 nyipta cerpen.

Di SMP abdi miluan organisasi PMR teu hilap abdi oge pernah diajak lomba olimpiade PMR sabaraha kali. Nu di SD na abdi budak biasa di SMP jadi budak anu pinter, sok diajak bae lomba. Mani bungah poknamah. 

Tamat ti SMP 4 Ciawigebang, abdi katarima di SMA 1 Ciawigebang ngaliwatan jalur prestasi. Kusabab jarak SMA jeung bumi rada jauh, kuring indit ka sakola naek motor, béda deui keur SMP kuring bisa keneh leumpang.

Nepi ka ayeuna abdi masih keneh usaha pikeun ngahontal rupi-rupi kahoyong.Mugia Gusti Allah maparinan sagala kababarian.

Komentar

Postingan Populer